Tampilkan postingan dengan label Seni. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Seni. Tampilkan semua postingan

PUPUH SUNDA

17 PUPUH SUNDA

Sebagai orang Sunda, wajib rasanya untuk menjaga, menyebarkan dan melestarikan seni dan budaya sebagai suatu warisan yang harus turun temurun.
Sebagai wujud dan ikut serta menjaga kelestarian seni dan budaya di bawah ini link-link untuk mendownload Pupuh Sunda :

1. Pupuh Pucung
1. Pupuh Pucung.mp3
1. Pupuh Pucung (Kawih).mp3
1. Pupuh Pucung (Kacapi).mp3

2. Maskumambang
2. Pupuh Maskumambang.mp3
2. Pupuh Maskumambang (Kawih).mp3
2. Pupuh Maskumambang (Kacapi).mp3

3. Kinanti
3. Pupuh Kinanti.mp3
3. Pupuh Kinanti (Kawih).mp3
3. Pupuh Kinanti (Kacapi).mp3

4. Magatru
4. Pupuh Magatru.mp3
4. Pupuh Magatru (Kawih).mp3
4. Pupuh Magatru (Kacapi).mp3

5. Balakbak
5. Pupuh Balakbak.mp3
5. Pupuh Balakbak (Kawih).mp3
5. Pupuh Balakbak (Kacapi).mp3

6. Asmarandana
6. Pupuh Asmarandana.mp3
6. Pupuh Asmarandana (Kawih).mp3
6. Pupuh Asmarandana (Kacapi).mp3

7. Ladrang
7. Pupuh Ladrang.mp3
7. Pupuh Ladrang (Kawih).mp3
7. Pupuh Ladrang (Kacapi).mp3

8. Lambang
8. Pupuh Lambang (Kacapi).mp3
8. Pupuh Lambang (Kawih).mp3
8. Pupuh Lambang.mp3

9. Mijil
9. Pupuh Mijil.mp3
9. Pupuh Mijil (Kacapi).mp3

10. Jurudemung
10. Pupuh Jurudemung.mp3
10. Pupuh Jurudemung (Kawih).mp3
10. Pupuh Jurudemung (Kacapi).mp3

11. Wirangrong
11. Pupuh Wirangrong.mp3
11. Pupuh Wirangrong (Kawih).mp3
11. Pupuh Wirangrong (Kacapi).mp3

12. Gurisa
12. Pupuh Gurisa.mp3
12. Pupuh Gurisa (Kawih).mp3
12. Pupuh Gurisa (Kacapi).mp3

13. Sinom
13. Pupuh Sinom.mp3
13. Pupuh Sinom (Kawih).mp3
13. Pupuh Sinom (Kacapi).mp3

14. Gambuh
14. Pupuh Gambuh.mp3
14. Pupuh Gambuh (Kawih).mp3
14. Pupuh Gambuh (Kacapi).mp3

15. Pangkur
15. Pupuh Pangkur.mp3
15. Pupuh Pangkur (Kawih).mp3

16. Dangdanggula
16. Pupuh Dangdanggula.mp3
16. Pupuh Dangdanggula (Kawih).mp3
16. Pupuh Dangdanggula (Kacapi).mp3

17. Durma
17. Pupuh Durma.mp3
17. Pupuh Durma (Kawih).mp3
17. Pupuh Durma (Kacapi).mp3

18. Kinanti
18. Pupuh Kinanti (Salendro).mp3
18. Pupuh Kinanti (Salendro & Kawih).mp3
18. Pupuh Kinanti (Salendro & Kacapi).mp3

Untuk lebih lengkapnya munkin anda bisa mengunjungi Situs http://datasunda.org/

  • Digg
  • Del.icio.us
  • StumbleUpon
  • Reddit
  • RSS

17 Pupuh Sunda

Kanggo nyusun rumpaka pupuh, kedah ditarekahan supados luyu sareng jiwa pupuh nu tujuh welas nya eta:
1. Asmarandana, ngagambarkeun rasa kabirahian, deudeuh asih, nyaah.
2. Balakbak, ngagambarkeun heureuy atawa banyol.
3. Dangdanggula, ngagambarkeun katengtreman, kawaasan, kaagungan, jeung kagumnbiraan.
4. Durma, ngagambarkeun rasa ambek, gede hate, atawa sumanget.
5. Gambuh, ngagambarkeun kasedih, kasusah, atawa kanyeri.
6. Gurisa, ngagambarkeun jelema nu ngalamun atawa malaweung.
7. Juru Demung, ngagambarkeun nu bingung, susah ku pilakueun.
8. Kinanti, ngagambarkeun nu keur kesel nungguan, deudeupeun, atawa kanyaah.
9. Ladrang, ngagambarkeun nu resep banyol bari nyindiran.
10. Lambang, ngagambarkeun nu resep banyol tapi banyol nu aya pikiraneunana.
11. Magatru, ngagambarkeun nu sedih, handeueul ku kalakuan sorangan, mapatahan.
12. Maskumambang, ngagambarkeun kanalangsaan, sedih bari genes hate.
13. Mijil, ngagambarkeun kasedih tapi bari gede harepan.
14. Pangkur, ngagambarkeun rasa ambek nu kapegung, nyanghareupan tugas nu beurat.
15. Pucung, ngagambarkeun rasa ambek ka diri sorangan, atawa keuheul kulantaran teu panuju hate.
16. Wirangrong, ngagambarkeun nu kawiwirangan, era ku polah sorangan.
17. Sinom, ngagambarkeun kagumbiraan, kadeudeuh.

1. PUPUH ASMARANDANA
(Ngagambarkeun rasa deudeuh, asih, nyaah, birahi)

PIWURUK SEPUH
Ngariung di tengah bumi,
pun biang sareng pun bapa,
jisim abdi diuk mando,
husu ngupingkeun pituah,
piwejang ti anjeunna,
pituduh laku rahayu,
piwejang sangkan waluya.

2. PUPUH BALAKBAK
(Ngagambarkeun heureuy atawa banyol)

DAYEUH BANDUNG
Dayeuh Bandung kiwari teuing ku rame-araheng,
gedong-gedong pajangkung-jangkung wangunna-alagreng,
tutumpakan-tutumpakan balawiri lalar liwat-garandeng.

3. PUPUH DANGDANGGULA
(Ngagambarkeun katengtreman, kawaasan, kaagungan, kagumbiraan)

MILANG KALA
Dinten ieu estu bingah ati,
ku jalaran panceg milang kala,
kenging kurnia ti Alloh,
rehing nambahan taun,
tepung taun umur sim abdi,
henteu weleh neneda,
ka Gusti Nu Agung,
malar umur teh mangpaat,
tebih bahla turta pinarinan rijki,
sumujud ka Pangeran.

4. PUPUH DURMA
(Ngagambarkeun rasa ambek, gede hate, sumanget)

LEMAH CAI
Nagri urang katelah Indonesia,
diriksa tur dijaring,
sumirat komarana,
berkahna Pancasila,
ageman eusining nagri,
yu sauyunan,
ngawangun lemah cai.

5. PUPUH GAMBUH
(Ngagambarkeun kasedih, kasusah, kanyeri)

KADUHUNG
Kaduhung sagede gunung,
kuring sakola teu jucung,
lalawora resep ulin,
hanjakal tara ti heula,
ayeuna kari peurihna.

6. PUPUH GURISA
(Ngagambarkeun nu ngalamun atawa malaweung)

SI KABAYAN
Si Kabayan lalamunan,
pangrasa bisa nyetiran,
motor atawana sedan,
poho keur eundeuk-eundeukan,
na dahan emplad-empladan,
gujubar kana susukan.

7. PUPUH JURU DEMUNG
(Ngagambarkeun nu bingung ku kalakuan sorangan)

ADIGUNG
Lolobana mungguh jalma,
embung hina hayang agung,
hayang hirup mukti,
tapina embung tarekah,
tinangtu mo bakal nanjung.

8. PUPUH KINANTI
(Ngagambarkeun nu nungguan, deudeupeun atawa kanyaah)

KANYAAH INDUNG
Kanyaah indung mo suwung,
lir jaladri tanpa tepi,
lir gunung tanpa tutugan,
asihna teuing ku wening,
putra teh didama-dama,
dianggo pupunden ati.

9. PUPUH LAMBANG
(Ngagambarkeun anu lohong banyol, tapi pikiraneun)

WAWANGSALAN
Dialajar wawangsalan,
saperti tatarucingan,
cik naon atuh maksudna,
teangan naon wangsalna,
gedong ngambang di sagara,
ulah kapalang diajar,
keuyeup gede di lautan,
kapitineung salawasna.

10. PUPUH LADRANG
(Ngagambarkeun anu banyol tapi bari nyindiran)

MOKAHAAN
Aya hiji anak bangkong leutik,
mokahaan,
maksudna ngelehkeun sapi,
nahan napas antukna bitu beuteungna.

11. PUPUH MAGATRU
(Ngagambarkeun nu sedih, bingung, handeueul atawa mapatahan)

KASAR - LEMES
Dupi irung lemesna teh nya pangambung,
pipi mah disebat damis,
upami buuk mah rambut,
ceuli sok disebat cepil,
kasarna angkeut mah gado.

12. PUPUH MASKUMAMBANG
(Ngagambarkeun kanalangsaan, sedih bari ngenes hate)

BUDAK JAIL
Anak manuk dikatepel budak jail,
jangjangna getihan,
rek hiber teu bisa usik,
duh manusa kaniaya.

13. PUPUH MIJIL
(Ngagambartkeun kasedih tapi gede harepan)

NUNGTUT ELMU
Najan cicing nya di tepiswiring,
kade ulah bodo,
kudu tetep nungtut elmu bae,
sabab jalma nu loba pangarti,
hirup tangtu hurip,
mulus tur rahayu.

14. PUPUH PANGKUR
(Ngagambarkeun nu gede ambek atawa nyanghareupan tugas beurat)

KA SAKOLA
Seja miang ka sakola,
rek diajar nambahan elmu pangarti,
pigeusaneun bekel hirup,
sabab mungguhing manusa,
kudu pinter beunghar ku elmu panemu,
komo jaman pangwangunan,
urang kudu singkil bakti.

15. PUPUH PUCUNG
(Ngagambarkeun nu ambek ka diri sorangan atawa keuheul kulantaran teu panuju hate)

TATAKRAMA
Mangka inget tatakrama sopan santun,
tanda jalma iman,
nyarita jeung amis budi,
da basa mah lain barang anu mahal.

16. PUPUH WIRANGRONG
(Ngagambarkeun anu kawiwirangan, era ku polah sorangan)

SIEUN DORAKA
Kuring moal deui-deui,
gaduh panata nu awon,
ngabantah nu jadi indung,
sieun dibendon ku Gusti,
kawas Dalem Boncel tea,
doraka ti ibu-rama.

17. PUPUH SINOM
(Ngagambarkeun kagumbiraan, kadeudeuh)

TATAR SUNDA
Tatar Sunda estu endah,
lemah cai awit jadi,
sarakan asal gumelar,
amanat Ilahi Robbi,
titipan nini aki,
wajib dijaga dijungjung,
basa katut budayana,
padumukna luhung budi,
insya-Allah tatar Sunda karta harja.

Gapuraning Gusti, 1992.
Rumpaka Pupuh Asmarandana, Dangdanggula, Kinanti, Sinom Tina Buku Wulang Krama karya Drs. R.H. Hidayat Suryalaga.

  • Digg
  • Del.icio.us
  • StumbleUpon
  • Reddit
  • RSS